BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan Lokasi panalungtikan mangrupa tempat di mana panalungtik meunangkeun data panalungtikanana. Ari subjék panalungtikan nurutkeun Arikunto (2010, kc. 188), nyaéta subjék nu dituju pikeun ditalungtik ku panalungtik. Anapon lokasi dina ieu panalungtikan nyaéta di kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung. Ari subjék panalungtikanna nyaéta siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 nu jumlahna aya 29 urang; 12 urang siswa lalaki jeung 17 urang siswa awéwé. 3.2 Desain Panalungtikan Desain nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta pre-test and post-test group design. Dina ieu desain, tés dilakukeun dua kali nyaéta saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. Tés nu dilakukeun saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif disebut tés awal (pretest). Ari tés nu dilakukeun sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif disebut tes ahir (post-test). Éta desain téh digambarkeun sakumaha ieu di handap (Arikunto, 2010, kc. 124). X : Tés saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés awal atawa pre-test) : Tés sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés ahir atawa post-test) X: Pangajaran ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (treatment).
40 3.3 Métode Panalungtikan Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta kuasi ékspérimén atawa ékspérimén semu. Ieu métode digunakeun pikeun ngukur kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. 3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Variabel nyaéta objék atawa naon-naon anu jadi puseur tilikan hiji panalungtikan. Dina panalungtikan anu némbongkeun ayana hiji perlakuan (treatment), geus pasti aya variabel nu mangaruhan jeung dipangaruhanna. Variabel anu mangaruhan disebut variabel bébas atawa independent variable (X). Ari variabel nu dipangaruhan disebut variabel kauger atawa dependent variable (Y) (Arikunto, 2010, kc. 161). Dina ieu panalungtikan, modél pangajaran mikir induktif mangaruhan kana kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman. Jadi, modél pangajaran mikir induktif téh variabel bébas (X) lantaran mangaruhan kana variabel Y. Ari variabel kaugerna (Y) nyaéta kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2 Wangenan Operasional Wangenan operasional mangrupa pedaran istilah-istilah nu aya patalina jeung variabel-variabel panalungtikan. Tujuan ayana wangenan operasional sangkan éta variabel-variabel jelas, ku kituna teu nimbulkeun ayana salah tapsir. Anapon wangenan operasional dina ieu panalungtikan téh sakumaha ieu di handap.
41 1) Nurutkeun Uno (2011, kc. 12), modél pangajaran mikir induktif dina ieu panalungtikan mangrupa salasahiji modél anu kaasup kana kelompok modél pangajaran ngolah informasi (information-processing models). Tujuan ieu modél téh pikeun ngalatih siswa diajar mikir sacara induktif; nyieun konsép sakaligus ogé ngajarkeun éta konsép jeung cara ngalarapkeunana (generalisasi). Léngkah-léngkah ieu modél ngawengku diajar ngawangun konsép (ngira-ngira jeung nyieun daptar, ngelompokkeun, sarta nyieun katégori jeung ngaran), nguji data (ngaidéntifikasi hubungan-hubungan penting, ngaéksplorasi hubungan-hubungan, jeung nyieun kacindekan), katut ngalarapkeun konsép (ngira-ngira konsékuénsi, ngajelaskeun kaayaan séjén, jeung nyusun hipotésis; ngajelaskeun pangira jeung hipotésis; sarta nguji bebeneran pangira). 2) Kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu mangrupa kamampuh siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu nu mibanda ciri séwang-séwangan. 3) Nulis mangrupa hiji kagiatan nurunkeun lambang-lambang grafik hiji basa dina kertas atawa média séjénna ku parantina. Ari karangan pangalaman atawa tulisan pribadi nyaéta wangun tulisan anu eusina ngeunaan pangalaman pribadi nu nulis (Tarigan, 2008, kc. 31). Jadi, nulis pangalaman mangrupa hiji kagiatan nurunkeun lambang-lambang grafik hiji basa anu eusina ngeunaan pangalaman pribadi nu nulis dina kertas atawa média séjénna ku parantina. Jadi, modél pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 téh nyaéta hiji panalungtikan anu ngagunakeun modél pangajaran nu mibanda tujuan ngalatih siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 diajar mikir sacara induktif sarta ngagunakeun léngkah-léngkah diajar induktif sangkan ngaronjat kamampuhna ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina kagiatan nurunkeun lambang-lambang
42 grafik hiji basa nu eusina ngeunaan pangalaman pribadi siswa; dina kertas atawa média séjénna ku parantina. 3.5 Instrumén Panalungtikan Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203), instrumén panalungtikan nyaéta pakakas atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan sangkan pagawéanna leuwih babari jeung hasilna leuwih hadé (taliti, lengkep, jeung sistematis), ku kituna éta data leuwih babari diolah. Anapon instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta soal tés préstasi (achievement test) anu ngawengku soal tés awal jeung ahir sakumaha ieu di handap. 1) Soal tés awal (pre-test) dina ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik éssay atawa ngarang. Ieu soal téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. 2) Soal tés ahir (post-test) dina ieu panalungtikan ogé ngagunakeun téhnik éssay atawa ngarang. Ieu soal téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. Anapon wangun soal tés awal jeung ahir dina ieu panalungtikan téh sakumaha ieu di handap. Wasta : No. Absén : Kelas : Pék jieun ku hidep hiji karangan dumasar kana pangalaman sorangan kalayan katangtuan ieu di handap! 1) Jejerna bébas. 2) Eusi karanganna sakurang-kurangna dua paragrap. 3) Gunakeun éjahan vokal é, e, jeung eu katut basa nu bener jeung merenah.
43 3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data Téhnik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif téh nyaéta tés préstasi (achievement test). Anapon léngkah-léngkah dina ngumpulkeun éta data dipedar sakumaha ieu di handap. 1) Siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 ngerjakeun soal tés pikeun diukur kamampuhna ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés awal atawa pretés). 2) Pangajaran ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (treatment). 3) Siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 ngerjakeun soal tés pikeun diukur kamampuhna ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés ahir atawa postés). 3.7 Téhnik Analisis Data Téhnik analisis data digunakeun pikeun néangan jawaban-jawaban tina rumusan masalah anu dipedar dina bab I. Anapon data nu dianalisis dina ieu panalungtikan téh nyaéta data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir
44 induktif. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 278), léngkah-léngkah éta analisis data téh ngawengku persiapan, tabulasi, jeung cara ngalarapkeun data anu dipedar sakumaha ieu di handap. 3.7.1 Persiapan Saméméh data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif dianalisis, aya sababaraha persiapan nu kudu dilakukeun heula ku panalungtik sakumaha ieu di handap. 1) Mariksa ngaran jeung kalengkepan idéntitas siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 nu aya dina lambar instrumén. 2) Mariksa kalengkepan eusi instrumén data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif, kaasup kalengkepan lambar instrumén bisi aya nu leungit atawa soék. 3) Mariksa wangun eusi data bisi aya data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nu teu dipiharep ku panalungtik, padahal eusi éta data téh mangrupa hal anu kacida penting. 3.7.2 Tabulasi Sanggeus ngalakukeun persiapan saacan data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif diolah, éta data téh kudu ditabulasikeun heula ku cara méré skor (peunteun atawa niléy) jeung kode-kode kana bagian nu perlu dibéré
45 kode. Pikeun ngababarikeun éta tabulasi, dina nganalisis data digunakeun tabél 3.1 ieu di handap. No. Tabél 3.1 Format Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif Ngaran Siswa Kecap nu Dilarapkeun Frékuénsi Dilarapkeunna Éjahan Vokal é, e, jeung eu Bener Salah *Kecap nu Sakuduna (1) (2) (3) (4) (5) (6) Jumlah * Kecap nu sakuduna; dieusian lamun kecap nu dilarapkeun salah. Lamun kamampuh siswa geus dianalisis ngagunakeun tabél 3.1, pikeun nangtukeun peunteunna téh digunakeun rumus ieu di handap. Geus kitu, hasilna dirobah deui kana peunteun skala lima sakumaha dina tabél 3.2 ieu di handap. P: peunteun kamampuh siswa ΣB: ΣN: P = Σ Σ x 100 jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu nu bener jumlah sakabéh frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu. Tabél 3.2 Peunteun Skala Lima Interval Perséntase Peunteun Skala Lima Katégori Tingkat Kamampuh 0-4 E-A 85% - 100% 4 A Hadé pisan 75% - 84% 3 B Hadé 60% - 74% 2 C Cukup 40% - 59% 1 D Kurang
46 0% - 39% 0 E Goréng (Nurgiyantoro, 2001, kc. 399) Nurutkeun Nurgiyantoro (2011, kc. 401), dina skala lima mah siswa nu dikatégorikeun mampuh atawa lulus téh nyaéta siswa nu meunang peunteun C atawa cukup ka luhur. Geus kitu, hasil analisis kamampuh siswa nu geus dijumlahkeun bener, salah, jeung sakabéh kecap larapna vokal é, e, jeung eu dina tabél 3.1 katut peunteunna téh diasupkeun kana tabél 3.3 sakumaha ieu di handap. Tabél 3.3 Format Peunteun Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif No. Ngaran TK P Katégori Siswa (%) (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) Jumlah Rata-rata ΣB: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu nu bener ΣS: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu nu salah ΣN: jumlah sakabéh frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu TK (%): perséntase tingkat kamampuh siswa P: peunteun.
47 3.7.3 Cara Ngalarapkeun Data Data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nu geus ditabulasikeun téh tuluy diolah ngagunakeun statistik anu léngkah-léngkahna ngawengku uji sipat data, gain, jeung hipotésis. 3.7.3.1 Uji Sipat Data Uji sipat data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif téh dibagi deui jadi dua bagian nyaéta uji normalitas jeung homogénitas. 1) Uji Normalitas Uji normalitas mangrupa salasahiji bagian tina uji sipat data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. Mangpaat uji normalitas nyaéta pikeun mikanyaho normal henteuna éta data. Salasahiji cara uji normalitas téh nyaéta ngagunakeun rumus chi-kuadrat ( ). Ku kituna, dina ieu panalungtikan ogé digunakeun rumus chi-kuadrat. Dina ngagunakeun rumus chi-kuadrat, aya sawatara léngkah nu kudu dikerjakeun heula sakumaha ieu di handap. a) Ngitung Daérah Jangkauan Data (Range) Daérah jangkauan data (range) nyaéta béda peunteun nu panggedéna (maksimum) jeung pangleutikna (minimum), nu rumusna sakumaha ieu di handap (Subana spk., 2010, kc. 38). r = -
48 r : jangkauan data (range) : peunteun panggedéna : peunteun pangleutikna b) Ngitung Lobana Kelas Dina ngitung lobana kelas, aya hiji aturan atawa rumus nu ditangtukeun ku H. A Struges nu disebut aturan Struges sakumaha ieu di handap (Subana spk., 2010, kc. 39). k: lobana kelas n: lobana data (frékuénsi) k = 1 + 3,3 3,3: bilangan konstan c) Ngitung Interval Kelas Interval atawa panjang kelas nyaéta béda peunteun nu panggedéna jeung pangleutikna dibagi lobana kelas. Ieu interval téh ditangtukeun ku rumus sakumaha ieu di handap (Subana spk., 2010, kc. 39). p = p: interval/panjang kelas r: jangkauan data (range) k: lobana kelas d) Nyieun Tabél Wates Kelas Wates kelas hiji interval (wk) nyaéta peunteun-peunteun sisi nu aya dihiji kelas nu ngawengku peunteun sisi handap atawa wates handap jeung peunteun sisi
49 luhur atawa wates luhur kelas anu dieusikeun kana tabél ieu di handap (Subana spk., 2010, kc. 40). Tabél 3.4 Format Wates Kelas No. Peunteun Kelas Interval Frékuénsi (1) (2) (3) Jumlah e) Ngitung Peunteun Tengah Kelas Peunteun tengah kelas nyaéta peunteun nu posisina aya di tengah-tengah kelas, nu dianggap ngawakilan hiji interval tinangtu anu rumusna sakumaha ieu di handap (Subana spk., 2010, kc. 41). = f) Nyieun Tabél Distribusi Frékuénsi Dina ngitung distribusi frékuénsi, digunakeun tabél sakumaha ieu di handap (Sudjana, 2005, kc. 96). Tabél 3.5 Format Distribusi Frékuénsi No. Peunteun Kelas Interval ( ) (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) Jumlah
50 : jumlah data : peunteun tengah. g) Ngitung Standar Déviasi (Sd) Dina ngitung standar déviasi (Sd), rumusna téh sakumaha ieu di handap (Sudjana, 2005, kc. 95). Sd: standar déviasi Σ: jumlah (sigma) : jumlah data sd = ( ) ( ) ( ) : peunteun tengah n: jumlah subjék panalungtikan h) Ngitung Rata-rata (Méan) Dina ngitung rata-rata (méan), rumusna téh sakumaha ieu di handap (Subana spk., 2010, kc. 65). = : rata-rata (mean) Σ: jumlah (sigma) : jumlah data : peunteun tengah i) Ngitung Frékuénsi Obsérvasi jeung Ékspéktasi Dina ngitung frékuénsi obsérvasi jeung ékspéktasi, digunakeun format tabél 3.6. Anapon léngkah-léngkahna gé dijelaskeun sakumaha ieu di handap (Subana spk., 2010, kc. 125). Tabél 3.6 Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Ékspéktasi
51 No. Peunteun Kelas Interval Wk L ( ) (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) Jumlah Wk: wates kelas : Z wates kelas L: lega Z tabél : frékuénsi ékspéktasi : frékuénsi observasi ( ) : Chi-kuadrat ( ) Léngkah-léngkah: (1) Nangtukeun wates kelas (wk). (2) Ngitung Z wates kelas (transformasi normal standar bébas kelas) nu rumusna: = (3) Nangtukeun Z tabél. (4) Ngitung lega Z tabél, nu rumusna: L = - (5) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, nu rumusna: = n x L (6) Nangtukeun frékuénsi observasi atawa lobana data nu kaasup kana hiji kelas interval ( ). (7) Ngitung chi-kuadrat, nu rumusna: ( ) j) Nangtukeun k) Ngitung Darajat Kabébasan (Dk)
52 Pikeun ngitung darajat kabébasan (dk), digunakeun rumus: dk = k - 3 l) Nangtukeun Normalitas Distribusi Data Pikeun nangtukeun normal henteuna distribusi data, éta hal téh didadasaran ku kritéria ieu di handap. (a) Saupama <, hartina distribusi data normal. (b) Saupama >, hartina distribusi data teu normal. 2) Uji Homogénitas Uji homogénitas mangrupa bagian tina uji sipat data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. Mangpaat uji homogénitas téh pikeun mikanyaho variasi éta data naha sarua (homogen) atawa henteu. Anapon léngkahléngkahna téh sakumaha ieu di handap. a) Ngitung Variasi Data Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 95), pikeun ngitung variasi data, rumusna: ( ) ( ) = ( ) b) Ngitung Harga Variasi Data Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 250), pikeun ngitung harga variasi data, rumusna: f = c) Ngitung Darajat Kabébasan (Dk)
53 Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 251) pikeun ngitung darajat kabébasan (Dk), rumusna: dk = n - 1 d) Nangtukeun e) Nangtukeun Homogén Henteuna Data Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 251), pikeun nangtukeun homogén henteuna data didadasaran ku kritéria ieu di handap. (1) Saupama <, hartina distribusi data homogén (2) Saupama >, hartina distribusi data teu homogén. 3.7.3.2 Uji Gain Uji gain miboga mangpaat pikeun nangtukeun naha aya béda nu signifikan antara kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. Anapon pikeun ngababarikeun éta uji gain digunakeun tabél ieu di handap. (Subana spk., 2010, kc. 131). Tabél 3.7 Format Uji Gain Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif No. Ngaran Peunteun d = y x Siswa x y (1) (2) (3) (4) (5) (6)
54 Jumlah Rata-rata x: kamampuh saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif y: kamampuh sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif d: gain. 3.7.3.3 Uji Hipotésis Nurutkeun Subana spk. (2010, kc. 118), uji hipotésis mibanda mangpaat pikeun nangtukeun hasil ahir dua pilihan hipotésis; naha éta hipotésis téh ditarima atawa henteu. Aya dua cara nu bisa digunakeun dina uji hipotésis nyaéta statistik paramétrik jeung nonparamétrik. Éta dua statistik téh dipedar sakumaha ieu di handap. 1) Statistik Paramétrik Statistik paramétrik digunakeun saupama uji normalitas data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nuduhkeun distribusi data nu normal. Salasahiji métode statistik paramétrik nu bisa digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta uji t (t test). Anapon rumus-rumus éta uji t nurutkeun Arikunto (2010, kc. 349) sakumaha ieu di handap. a) Ngitung Rata-rata (Mean) Pikeun ngitung rata-rata (mean), rumusna: Md =
55 b) Ngitung Jumlah Kuadrat Déviasi Pikeun ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna: = - c) Ngitung Darajat Kabébasan (Dk) Pikeun ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna: dk = N - 1 d) Ngitung t rumusna: t = ( ) Md: rata-rata (mean) d: gain N: jumlah subjék dina sampel Σ : jumlah kuadrat deviasi t: tés signifikansi. e) Nangtukeun Ditarima Henteuna Hipotésis Pikeun nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis, éta hal téh didadasaran ku kritéria ieu di handap. a) Saupama >, hartina hipotésis gawé ( ) ditarima jeung hipotésis nol ( ) ditolak. Jadi, modél pangajaran mikir induktif bisa ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis
56 pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014. b) Saupama <, hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung hipotésis gawé ( ) ditolak. jadi, modél pangajaran mikir induktif teu bisa ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014. 2) Statistik Nonparamétrik Statistik nonparamétrik digunakeun saupama uji normalitas data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nuduhkeun distribusi data nu teu normal. Salasahiji métode statistik nonparamétrik nu bisa digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta uji Wilcoxon. Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 453), pikeun ngababarikeun éta uji Wilcoxon, digunakeun tabél ieu di handap. Tabél 3.8 Format Uji Wilcoxon Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif No. Ngaran Siswa Béda Jenjang Tanda Jenjang ( ) + - (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) 1. 2. Jumlah Rata-rata : peunteun kamampuh saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif : peunteun kamampuh sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir
57 induktif. Ari léngkah-léngkah pikeun ngeusian éta tabél di luhur téh sakumaha ieu di handap. a) Asupkeun peunteun kamampuh saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif kana kolom tilu jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif kana kolom opat. b) Itung béda (selisih) peunteun kamampuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif dina kolom lima. c) Itung niléy jenjang dina kolom genep tuluy susun ti mimiti nu pangleutikna nepi ka nu panggedéna. d) Asupkeun niléy jenjang nu positif kana kolom tujuh jeung nu négatif kana kolom dalapan. e) Tingali tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon. Pikeun nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis, éta hal téh didadasaran ku kritéria ieu di handap. a) Saupama <, hartina hipotésis gawé ( ) ditarima jeung hipotésis nol ( ) ditolak. Jadi, modél pangajaran mikir induktif bisa ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014. b) Saupama >, hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung hipotésis kerja ( ) ditolak. jadi, modél pangajaran mikir induktif teu bisa ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014.